assalamualaikum wr.wb
ieu blog dijien ngarah saha wae anu ninggal blog ieu uninga kanu naon wae fikih anu aya dina agama urang ieu nyaeta agama islam. anu bade dipaparkeun dina blog ieu nyaeta :
A. pasal rukun islam
Ari rukun islam
eta aya 5 perkara :
1. syahadat,ari
lapadna syahadat eta , asahaduallaillahaillahlah waashaduana muhadarasulallah
hartosna nekadkeun abdi saenya-enyana heunte aya dei pangeran anu wajib
diibadahan kalawan sabenerna dina ayana angung gusti allah ta’ala ngan nyalira
jeung nekadkeun deui abdi saenya-enyana kanjeung nabi muhammad SAW. Eta utusan
allah
2. sholat,
3. zakat,
4. puasa,
5. munggah haji
kabaetullah mun kawasa si jalanna.
B. pasal rukun
iman
Ari rukun iman
eta aya 6 perkara :
1. kudu
ngimankeun ka gusti allah swt.
2. kudu
ngimankeun ka malaikat-malaikatna allah
3. kudu
ngimankeun kana kitab-kitabna allah
4. kudu
ngimankeun ka rasul-rasulna allah
5. kudu
ngimankeun kana poe akhir (kiamat)
6.kudu ngimankeun
kana papasten hade jeung goreng (qodo jeung qodar)
C. pasal malaikat
Ari malaikat anu
wajib dikanyahokeun eta aya 10 :
1. malaikat
jibril → nurunkeun wahyu
2. malaikat
mikail → nunkeun hujan
3. malaikat
israfil → niup song-song
4. malaikat
izrail → nyabut nyawa
5. malaikat munkar
→ tukang nakonan di alam kubur
6. malaikat nakir
→tukang nakonan di alam kubur
7.malaikat rakib
→ nyatatkeun amal sae
8.malaikat atid
→nyatatkeun amal goreng
9.malaikat malik→
ngajaga pintu naraka
10. malaikat
ridwan →ngajaga pintu surga
D. pasal qitab
Ari kitab anu
wajib dikanyahokeun eta aya 4 :
1. kitab tauret →
nabi musa , as
2. kitab zabur →
nabi daud ,as
3. kitab injil
→nabi isa ,as
4. kitab al-quran
→ nabi muhammad SAW.
E. pasal nabi
Ari nabi anu
wajib dikanyahokeun eta aya 25 :
|
1.
nabi
adam
2.
nabi zakaria
3.
nabi
yunus
4.
nabi
nuh
5.
nabi
idris
6.
nabi
ibrahim
7.
nabi
yasa
8.
nabi
isak
9.
nabi
yakub
10.
nabi
ismail
11.
nabi
saleh
12.
nabi
ayub
13.
nabi
harun
|
14. nabi musa
15. nabi isa
16. nabi daud
17. nabi hud
18. nabi yusuf
19. nabi luth
20. nabi ilyas
21. nabi zulkifli
22. nabi yahya
23. nabi sulaiman
24. nabi isa
25. nabi muhammad Saw.
|
F. Pasal cirina
baleg
Ari cirina baleg
eta aya 3 perkara :
1. karna sampurna
umur 15 tahun di istri jeung pameget
2. kusabab bijil
mani karana umur 9 tahun di istri jeung dipameget
3. kusab haid
karena sampurna umur 9 ahun di istri hungkul
G. pasal susuci
ku batu
Ari syaratna
susuciku batu eta aya 8 perkara :
1. kudu ku 3 batu
atau ku batu hiji ngan juruna 3
2. kudu bersih
tempat najisna
3. ulah waka
kaburu garing najisna
4. ulah
pundah-pindah najisna
5. ulah
kadatangan najis anu sejen
6. ulah waka
ngaliwat eta si najis kana lupat-lipit bobokongna si jalma jeung kana sirah
dakarna eta si jalma .
7. ulah kakeunaan
najis anu sejen
8. kudu aya eta 3
batu eta anu suci
H. pasal parduna
wudhu
Ari parduna wudhu
eta aya 6 perkara :
1. niat ari
lapadna niat eta nawaitu wudhua liropilhadasilasgori pardu lilahhitaala .
hartosna niat abdi wudhu karena ngilangkeun hukum hadas alit pardu karena allah
SWT
2. ngumbah raray
ari ngaran raray teh tiluhur samet nujanten rambut,tihandapna samet gado-gadona
,ti gigir katuhu samet pantaling cepil kenca .
3. ngumbah
panangan duanana samet siku=sikuna duanana
4. ngusap tina
sawarehna mastaka sakedik
5. ngumbah samean
duanana sarta mumuncanganna duanana
6. tartib ari
ngaran tartib teh minghelakeun anggahota tiheula manderikeun anggahota panderi.
I. pasal niat
Arinagaran niat
nyaeta nejana si jalma kana hiji perkara bari dibarengkeun jeung migawena hiji
eta perkara.aringucapkeunna niat eta sunnah,ari tempat na niat eta dina jero
hate ,ari waktuna niat eta nalika ngumbah mimiti juz tina raray.
J. pasal cai
Ari cai eta
dibagi 2 bagian :
1.cai sakedik
,eta cai anu kurang tina 2 kulah
2. cai seer,eta
cai anu aya atawa langkung tina 2 kulah.
Ari ngaran 2
kulah teh nyarta lamaun diukur dina tempat pasagi,jerona sasiku
satampah,lebarna sasiku satampah,panjangna sasiku satampah
Ari cai sakedik
eta jadi murtad najis terkala kacampuran najis anu sejen ,anging lamun barobah
rupana,rasana,ambena .
Ari cai seer eta
heunteu jadi murtad najis kacampuran
najis anu sejen, sanajan heunteu barobah rupana,rasana,ambena .
K. pasal anu sok
ngawajibkeun kana adus
Ari anu sok
ngawjibkeun kana adus eta aya 6 :
1. kusabab
ngasupkeunkasapa kana parji,
2. kusabab bijil
mani,
3. kusabab haid ,
4. kusabab nifas
,
5.kusabab
ngalahirkeun ,
6. kusabab
maot .
L. pasal parduna
adus
Ari parduna adus
eta aya 2 :
1. niat ari
lapadna niat eta nawaetu gusla rilopil hadasil
akbari pardu lilahitaala. Hartosna niat abdi adus karena ngilangkeun
hukum hadas ageung perdu karena allah SWT.
2. ngawalatraan
sakabeh badan ku cai
M. pasal syaratna
wudhu
Ari syaratna
wudhu eta aya 10 perkara
1. jalma islam
2. tamyid harosna
denger
3. kudu bersih
tina haid sareng nifas
4. ulah aya anu
ngahalangan datangna cai kana kulit
5. ulah aya hiji
barang anu matak ngabarobahkeun datangna cai kana kulit
6. kedah terang
kana kaparduana wudhu
7. teu kenging
nekadkeun pardu kana sunnah
8. caina kedah
anu suci
9.kedah manjing
waktu
10.kedah
tuluy-tuluy ka jalam anu langgeng hadas.
hapunteun ieu teu acan aya sadayana rengse sareng hapunten bilih aya kalepatan dina ngetik/nulisna. upami aya pitaroseun mangga dina komentar atanapi inbox abdi dina gmail maysahopipah.9i@gmail.com.